B. Daerah Sekolah Menengah Atas tolong di bantuu
buatlah sajak b.sunda bertema Bunga.​

tolong di bantuu
buatlah sajak b.sunda bertema Bunga.​

Jawaban:

Dalingding angin janari tiis nyaliara dina diri nyelesep na sanubari

Gigireun gelas cikopi jeung kulub sampeu na piring songhek kurut mangsa kamari

Nyawang ka tukang mangsa keur lajang

Awak bedas tanaga rosa teu pernah melang

Mangsa ayeuna kahayang lain lamunan

Pinasti pasti ti gusti kasorang loba tanggungan

Kuring ngarahuh miceun bangbaluh

Ngarenghap neang hawa meh merenah tur tumaninah

Jandela dibuka

Wilujeng enjing srangenge maneh geus ngabageakeun teu pernah jalir tina janji pasini. halimun siga nu surti nyingray mere jalan ngahaneutan rasa. cai ibun tinggarayun siga nungagupayan sieuneun murag.

Kembang nu mangkrak dipakarangan ngajak seuri luwa lewe sengitna.ngdalingding minuhan jagat

Kuring norojol bijil kaluar

Embung eleh ku srangenge, ku halimun nu masih nyimbutan bumi jeung ibun nu nyangcang kembang. Rek pangheulana ngabageakeun manehna ku kadeudeuh jeung ka asih ka kembang nuligar minuhan pakarangan

Endahna kembang, ku kuring rek di pelak ambeh mekar dina dada meh nyaliara dina diri rek disimpen na sanubari ambeh nyangkaruk dina rasa supaya sengitna nyata kaambeu sa alam dunya saksina,angin janari, srangenge, halimun jeung ibun. Kuring nu panghelana melak na dada

Pinasti ti gusti nupasti nyiptaankeun pikir jeung rasa mun akur bagja ngarana

[answer.2.content]